Seren Taun Kampung Budaya Sindangbarang

Posted: December 13, 2009 in budaya, tradisi
Tags: , , , , ,

Pun sapun ka luluhuran
Pun tabé ka handapeunana
Kula deuk nyabla kula deuk meta
Sésérén taun nu undur
Ka taun nu ngagantian
Sapulukan sapakprakan
Puja bakti ka hyang suci
Tanda punjung ka karuhun
Ti buyut canggah bao eujeung waréng
Sahunyur lembur Sindangbarang
Titilarna Pajajaran.
Pun sapun..
Sampura.. isun..!

Dina kahirupan masarakat sunda kuna, upacara sérén taun diayakeun pikeun ngahaturkeun rasa syukur ka Sanghyang Tunggal nu tos masihan hasil tatanén anu nyugemakeun dina taun nu kalangkung, ogé miharep dina taun nu baris dongkap, sagalana tiasa langkung ningkat. Numutkeun katerangan lisan, boh ti para kasepuhan, ogé tina carita pantun, upacara sérén taun tos dilakukeun ti saprak Karajaan Pajajaran masih jaya di buana. Harita prak-prakan éta upacara digelar babarengan di sakuliah karajaan, ti kawit ibukota Pakuan dugi ka daérah bawahanana.

Upacarana aya nu dilaksanakeun sataun sakali nu katelah Sérén Taun Guru Bumi, ogé aya nu dalapan taun sakali (sawindu) nu katelahna upacara Kuwéra Bhakti nu khusus diayakeun di puseur dayeuh Pakuan. Lamina sérén taun guru bumi biasana mung opat dinten, sementawis upacara sérén taun kuwéra bhakti diayakeun langkung rongkah salami sapuluh dinten.

Nu diagungkeun dina upacara sérén taun, nyaéta Déwi Sri atawa Déwi Paré jeung Sang Patanjala atawa Déwa Karaharjaan. Hal ieu pakait pisan jeung masarakat harita nu masih kénéh ngahuma. Kiwari, upacara sérén taun masih kénéh aya jeung eksis di lingkungan masarakat nu kahirupanana masih pakait jeung tatanén, utamana nu katelahna masarakat adat. Saperti masarakat adat Pancer Pangawinan Citorék, Urug, Ciptagelar, Cisungsang,Sirnaresmi, Cicarucub, Lebak Larang, Cisitu, Karang Polong, Tegal Lumbu, Ciusul, jeung réa-réa deui.

Tangtu waé upacarana ogé tos kapangaruhan ku robahna jaman, boh dina prak-prakanana, ogé dina nangtukeun waktuna. Ayeuna mah kalénder sunda buhun (Pajajaran) tos teu dianggo deui, diganti ku kalénder hijriah (Islam). Kitu ogé sérén taun tos dumasar kana pabaru hijriah. Sedengkeun di lingkungan masarakat urang Kanékés (nu sok disarebut urang Baduy), kusabab struktur masarakatna masih kawengku dina hiji lingkungan Désa Adat (Désa Kanékés) nu disebut Teulu Tangtu Cikeusik, Cikartawana, Cibéo, upacara nu dilakukeunana masih dina struktur Kawalu (Tembey, Tengah, Tutug). Upacarana Urang Rawayan/Kanékés kaitung masih rinci jeung utuh, upama dibandingkeun jeung nu biasa dilakukeun di kampong-kampung adapt liana, utamana nu dilaksanakeun ku masarakat adat pancer pangawinan

Kampung Sindangbarang

Kampung Sindangbarang, salah sahiji lembur nu aya di wilayah Kabupatén Bogor, di beulah wétanna urut ibukota Pakuan Pajajaran. Ditingal tina sistim budaya jeung karakteristik warga masarakatna, masih kénéh aya rundayanana jeung katurunan ti gegedén Pakuan Pajajaran, nu mangsa Pakuan digempur ku tangtara Banten kantos ngungsi ka wilayah Sukabumi Kidul. Aya babaraha rombongan nu marulih deui ka urut wilayah kampung halamanna, namung henteu langsung ka kompleks tilas Pakuan. Maranéhanana milih nangtukeun pakampungan di sabudeureun tilas kuta (bénténg) Pakuan.

Di antarana di lembur Taman dipingpin ku Ki Murwa Alih sabagé kokolotna, lembur Kuta Batu dipingpin ku Ki Susul Tunggal, lembur Cibeureum dipingpin ku Ki Ranggah Gading, lembur Pakancilan dipingpin ku Ki Mangparang, ogé masih aya babaraha kampung liana nu ngagaduhan kokolot sabagé pamingpinna. Dugi ka kiwari, éta lokasi jeung ngaran lembur téh masih aya kénéh, malih mah langkung ngalegaan, saperti nu kapungkurna disebut lembur Taman, ayeuna katelahna Taman Sari, ngaran hiji kecamatan hasil tina pamekaran ti kecamatan Ciomas.

Nami para kokolot tadi sanés nami asli aranjeunna nalika masih jadi gegedén di Pakuan, namung mangrupa nami énggal nu disaluyukeun jeung posisi anjeunna di tempat nu énggal. Anjeunna nempatkeun dirina salaku masarakat biasa, najan dina sistim budaya kahirupanana masih tetep dina tradisi Sunda-Pajajaran anu agraris.

Sanajan warga masarakat kampung Sindangbarang, Cibeureum, Kuta Batu, jeung nu liana, kiwari tos pareumeun obor ka karuhun manéhna jaman klasik, namung titinggal pranata budaya karuhunna masih tetep leket (akrab) tur kapaliré dina kahirupan sapopoéna.

Hal ieu ditunjukeun ku masih ayana hiji kagiatan anu sipatna tradisi taunan nu disebut Sérén Taun atawa di babaraha tempat sok disebut ogé Sidekah Bumi, nu kagiatanana henteu dipuseurkeun di hiji tempat tapina dilakukeun di kelompokna séwang-séwang.

Nilik kana istilahna jeung pasipatan kagiatanna anu taunan, sérén taun atawa sidekah bumi nu masih dipilampah ku babaraha wewengkon ieu, masih ngagaduhan benang beureum-na jeung sérén taun guru bumi nu mémang tos aya di jaman Karajaan Pajajaran. Ngan sajalan jeung dinamika jaman, boh istilah, sipat kagiatan, ogé sistim niléyna tos seueur parobahanana.

Dumasar kana ha lieu, ogé pakait jeung kasadaran kana budaya warga masarakatna, upacara taunan ieu diupayakeun ditata deui dina kagiatan kelompok nu langkung rongkah. Sanajan nganggo konsép gelaran kiwari tapi filosofis jiwana masih ngarujuk kana upacara sérén taun guru bumi, sakumaha nu ayeuna masih kénéh eksis ogé di babaraha kelompok masarakat katurunan Sunda Pajajaran lianna, nu gaduh prédikat masarakat adat. Sabari miharep ngawujudna deui tradisi budaya sunda nu balukarna tiasa ningkatkeun karaharjaan hirup lahir batin pikeun wargana.

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s