Ayeuna rek nyaritakeun asal mulana Gunung Agung, atawa Gunung Guntur nu matak urug.

Ari asalna éta gunung, disebutna lain Gunung Guntur atawa Gunung Agung, tapi Gunung Kutu ngaranna.

Waktu Sunan Rangga Lawé, jeneng ratu di Timbanganten, nagarana di Korobokan, kagungan sadérék istri hiji, jenenganana Maharaja Inten Déwata; éta téh rakana Sunan Rangga Lawé anu saibu sarama.

Ari éta Maharaja Inten Déwata, henteu kersa calik di nagara, kersana midusunan baé, ngan aya saurang anu ngiring ka Maharaja Inten Déwata, pangasuhna lalaki enggeus kolot kacida, ngaranna Batara Rambut Putih.

Kacarios Sunan Rangga Lawé, keur dideuheusan ku para mantri, ponggawa jeung para abdi-abdi kabéh, Papatih unjukan, “Jisim abdi mendak pisitueun teu kinten pisan saena, ku emutan, upami geus didamelan situ téh, tegalan sadayana tangtos seep dianggo sawah. Ari nu kagungan éta pisitueun, raka Gusti, Maharaja Inten Déwata.”

Sunan Rangga Lawé ngadawuh, “Gampang, lamun kitu mah.” Lajeng miwarang hiji mantri, dawuhanana, “Manéh, ayeuna kudu leumpang ngadeuheusan ka Aceuk, dipiwarang ku aing, nyuhunkeun éta pisitueun bade ditambak, dijieun situ, sabab réa pihasileunana. Los, manéh geura leumpang.” Kacaturkeun éta mantri ka bumi Maharaja Inten Déwata, cong nyembah, bari gék diuk. Mariksa Maharaja Inten Déwata ka éta mantri, “Dipiwarang naon ku Gusti manéh?”

Mantri unjukan, “Abdi dipiwarang ku rai gamparan manawi terang manah, éta pisitueun disuhunkeun bade didamel situ.”

Wangsulna Maharaja Inten Déwata, “Unjukkeun ka gusti manéh, éta pisitueun hamo dihaturkeun, sabab aing euweuh deui nya kabetah di tanah Korobokan téh, ngan di dieu pisan. Lamun éta dijieun situ, tangtu kakeueum lembur aing. Los, mantri geura balik.” Ti dinya mantri tuluy wangsul.

Barang datang ka nagara, tuluy diunjukkeun sadayana, sadawuhan Maharaja Inten Déwata; dawuhan Sunan Rangga Lawé, “Kajeun ari teu dilelerkeun mah.”

Heubeul ti heubeul, réa abdi-abdi nu laleutik arunjukan ku manéh, hayang didamel éta situ, supaya abdi-abdi baroga sawah kabéh.

Kacarios Sunan Rangga Lawé, dua tilu kali miwarangan neda éta pisitueun, henteu baé dilelerkeun ku rakana, henteu tiasa maksa Sunan Rangga Lawé, tina sabab isin ku raka. Aya sahiji mantri anu pangkolotna, unjukan ka Sunan Rangga Lawé, “Abdi mah heran ku Gusti, henteu nyaah ka abdi-abdi anu laksa rebu, bet ajrih ku raka istri, ari pamiraos jisim abdi, Gusti téh jeneng Ratu di Timbanganten, teu aya nu leuwih ageung ti Gamparan, sanajan raka oge kaereh kajiwa bumi ku Gamparan. Naha Gamparan beunang dihalang-halang, lamun kitu mah, di Timbanganten téh aya ratu dua, hiji istri hiji pameget.”

Sunan Rangga Lawé sanggeus ngadangu piunjukna mantri, langkung-langkung benduna, ngaraos yen enya éta sapihatur mantri, lajeng ngadawuh, “Ayeuna kumpulkeun abdi-abdi kabéh, pada marawa pacul reujeung parabot nu rek nyitu poé ayeuna, urang tambak.”

Abdi-abdi, sanggeus meunang timbalan, sumawonna anu ngadenge, nu teu ngadenge oge nyeueung nu marawa pacul jeung pangali, jelema rewu laksa budal ti lemburna, nuturkeun ka baturna nu loba. Kacarios Sunan Rangga Lawé angkat kuanjeun, barang sumping ka pisitueun, tuluy nimbalan, saurna, “Geura prak geura pigawé.”

Gancaning carita, éta situ anggeus ditambakna. Malah-malah caina enggeus leber ka lembur, Maharaja Inten Déwata kaliwat ngenes manahna, kusabab raina nganggo sawenang-wenang. Maharaja Inten Déwata asup ka bumi, nyandak kekemben hiji, raksukan hiji. Lajeng angkat ngajugjug ka sahiji gunung leutik, anu deukeut ka Gunung Kutu, anu katelah ayeuna Gunung Putri, sabab dianggo eureun ku Putri Maharaja Inten Déwata.

Sanggeus aso, lajeng ngadawuh ka Batara Rambut Putih, “Ayeuna, Aki nyieun jolang eukeur wadah cai jeung nyokot taneuh sakeupeul, aing deuk naék ka Gunung Kutu.”

Matur Batara Rambut Putih, “Gusti, rek ngersakeun naon angkat ka Gunung Kutu?”

Nyaur deui Maharaja Inten Déwata, “Teu dék naon-naon, aing mah ngan hayang nyaho baé ti éta luhur gunung.”

Batara Rambut Putih tuluy nyieun jolang, sarta dieusian cai jeung taneuh sakeupeul. Lajeng Maharaja Inten Déwata naék ka Gunung Kutu. Sasumpingna ka puncak éta gunung, tuluy éta taneuh sakeupeul diawur-awur dina luhur gunung reujeung cai anu sajolang téa dibahekeun. Sanggeus dibahekeun, Maharaja Inten Déwata lungsur ti luhur Gunung Kutu ka Gunung Putri. Batara Rambut Putih henteu tinggal. Pada harita keneh, poék mongkleng buta rata di Tanah Timbanganten.

Henteu lila jumegur dina pucuk Gunung Kutu, seuneu ninggang kana imah, loba jelema nu paraéh, sato hewan pararaéh, imah kahuru; liwat saking ruksakna nagara Korobokan. Jelema anu henteu katinggang, anu jauh ti nagara Korobokan, kalabur sakira-kira teu katepi ku seuneu jeung ku batu. Gunung Kutu beuki gedé seuneuna, beuki loba batuna anu kaluar, malah gunung anu antel ka Gunung Kutu pada obah kabéh.

Dina waktu harita, jalma-jalman menak, kuring, sakalangkung pisan sarusaheunana, tina manggih bahla sakitu gedéna, dina jero opat puluh poé, opat puluh peuting, henteu ngingetkeun kana salamet, ingétanana anu araya, saperti kiamat baé, tina ningal sakitu poharana loba pisan karuksakanana. Malah dina waktu harita, abdi-abdi nu henteu katinggang urug, kalaburna masing-masing nu ngétan, ngulon, ngalér, ngidul, geus teu ngurus raja bandana, saperti nu kabur ka Bandung, ka Cianjur, ka Karawang jeung ka séjén nagara; éta réa pisan nu teu baralik deui ka nagara Korobokan. Tuluy baé ngalumbara, nepi ka turun tumurun ka anak incuna; ari nagara Timbanganten mah, ngan dijieun itung-itung nagara pusaka baé, turunan ti karuhunna.

Sunan Rangga Lawé enggeus ngaraos salirana balai sakieu gedéna, tangtu ti rakana, ti Maharaja Inten Déwata datangna. Énggal kaluar Sunan Rangga Lawé ti nagara Korobokan, dék néangan rakana Maharaja Inten Déwata. Ngajugjug ka Gunung Putri, katingali Maharaja Inten Déwata ngadeg dina batu. Sunan Rangga Lawé gagancangan moro ka rakana. Sanggeus patepang, Sunan Rangga Lawé ngarangkul kana sampéanana, tobat sarta nangis, neda dihampura sagala kalepatanana. Tuluy dihampura ku Maharaja Inten Déwata. Tanda geus dihampura, seuneu anu hurung pareum, sora anu pating beledug répéh, batu anu cara hujan datangna tina luhur gunung leungit kabéh. Sanggeus kitu, Sunan Rangga Lawé matur ka rakana, “Sumangga, Aceuk, ayeuna urang mulih ka Nagara.”

Maharaja Inten Déwata nyaur, “Aceuk mo balik deui ka Nagara, deuk nurutkeun kahayang ati baé, jeung baring supagi ieu gunung jadi deui cara kieu petana, nyebut baé ngaran Aceuk jeung ngaran Aki Batara Rambut Putih, salamet mo aya kitu kieu, masih jadi oge.”

Maharaja Inten Déwata jeung Batara Rambut Putih sanggeus sasauran musna ti payuneun Sunan Rangga Lawé; henteu kacarios ka mana angkatna atawa di mana calikna.

Sanggeus Maharaja Inten Déwata musna, Sunan Rangga Lawé mulih ka nagara Korobokan. Tapi Sunan Rangga Lawé, sasumpingna ka Nagara, hanteu weleh nyandang sesah, tina sabab abdi-abdina ampir seep sadayana; salianna tina katindih ku urug, nyaeta pada kalalabur kabéh, parindah ka séjén nagara, ka séjén tempat. Jadi di nagara Korobokan roncong teu aya jelema, sumawonna sasatoan, kuda, munding, embe, domba, atawa hayam, seep paraéh katinggang urug. Ti wates éta, Gunung Kutu dilandih ngaranna, sawareh anu nyebut Gunung Agung, sawareh deui anu nyebut Gunung Guntur.

Ari gunung leutik, urut Sunan Rangga Lawé tobat ka rakana, katelah nepi ka ayeuna ngaranna Gunung Putri. Ari situ, anu disituan ku Sunan Rangga Lawé, katelah ngaranna disebut Situ Taman, di Timbanganten.

Salebeting carita, jalma nu paéh mangsa harita, katinggang ku batu, kakubur taneuh jeung keusik, jeung katinggang seuneu, réana aya sawelas rewu, ari rupa sato hewan tujuh rewu. Ari nagara Korobokan jeung kampung-kampungna, anu katutup ku taneuh jeung ku batu, nu katelah ayeuna Tegal Urug. Ari nagara Timbanganten, nyaeta dialihkeun ka Tarogong, anu nelah nepi ka jaman ayeuna Distrik Tarogong; éta nagara pusaka ti jaman baheula.

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s